Friday, December 28, 2007

URANG SUNDA, NGAHARGAAN JEUNG MIHORMAT KA AWEWE

thanks to Mr. Bagus Priatna for the contribution and Translation

Urang sunda anu cicing jeung hirup di wewengkon Sanggabuana atawa di sabudeureun Taman Nasional Gunung Halimun-Salak, geus kakoncara miboga pengaweruh jeung elmu tur dilarapkeun sapopoena dina ngatur jeung ngolah kakayaan alam. Aya hal anu kacida jerona lamun dilenyepan (filosofis) saumpamana gunung kayuan-lamping awian- legok balongan-lebak sawahan-datar imahan, eta mangrupakeun tetekon (prinsip) dina ngimbangan jeung ngamumule alam.

Tetekon hirup laina anu bisa jadi eunteung nyaeta ngatur hubungan diantara sasama jalma, utamana hubungan awewe jeung lalaki dijero hiji kulawarga anu geus laki-rabi sok komo lamun boga budak. Hiji lalaki salaku bapak geus tinangtu butuh dibaturan tur sauyunan ku awewe salaku ibu pikeun nata kahirupan rumah tanggana, pon kitu deui dina sajeroning nyumponan kabutuhan hirup. Mun diibaratkeunmah bapak salaku direktur bakal leber wawanen jeung ngagedur kasumangetan hirup, ngan meureun boga syarat utama nyaeta ibu anu jadi menejer kudu boga kakuatan anu hampir sawawa (sinkronisasi).

Contona lamun saha bae daek ngulampreng atawa ulin jalan-jalan ka masyarakat nu aya di sabudeureun Sanggabuana/Halimun (Bogor-Sukabumi-Lebak), bakal bisa ningali ku panon sorangan istilahna ulah nginjeum panon ka batur. Aya hubungan anu kacida endahna (harmonis) dina ngokolakeun kakayaan alam saperti ngahuma jeung nyawah. dua pagawean eta saperti ngahuma anu jadi ciri khas sajarah tatanen urang sunda, kitu oge nyawah anu ceuk sabagian ahli sajarah akibat aya pangaruh ti Maram (introduksi). Tapi nu jelasmah duanana miboga lambang kamakmuran anu sarua nyaeta pare anu sok disebut Nyi Sri. Lambang kamakmuran ieu dilarapkeun ka awewe anu dipikaresep jeung dipikabutuh ku balarea, tapi eta kamakmuran jauh tina rasa ujub riya jeung takabur. Sok komo lamun eta pare (Nyi Sri) geus nincak wanci dewasa keur mah eusian tapi malah tambah lungguh.

Babasaan mipit kudu amit ngala kudu menta sing kacukcruk walunganana kapapay wahanganana, saumpama wanci panen pare datang babasaan ieu teh dipake sangkan muncul karahayuan tur aya dina ginanjar kawilujeungan. Posisi saperti kitu jelas pisan yen awewe kacida dipihormatna dina budaya sunda, jadi lamun codekah tur ngapilainkeun awewe ulah boga harepan hirup aya dina karahayuan nu aya ngan ukur meunang bebendon wungkul. Wajar wae aya sababaraha pagawean anu ngan ukur bisa dilakukeun ku golongan awewe, da sigana lamun dipigawe ku lalaki rada barabe jeung hasilna bakal loba gagal jeung tibatan alusmah.

Hiji conto jeung rek hamper kapopohokeun kubalera padahal tarohanana nyawa, orok lahir tibarang rek gubrag nepi ka umur sababara minggu atawa bulan si awewe nu ngalahirkeun tur orokna tinangtu kudu dibaturan indung beurang (bidan tradisonal/ kampung). Urusan dapur atawa palawari dapur pikeun ngatur rupa oge lobana daharaeun keur nyugemakeun semah dinu hajatan, geus pasti awewe anu bakal bisa ngira-ngirana. Dilenyepanmah eta dua conto teh saeutik henteuna bakal bisa ngadorong ka saha wae pikeun laku lampah pikanyaah dina ngojayan sagara kahirupan.

Aya oge pagawean anu mutlak kidu dipigawe ragem antara awewe jeung lalaki, utamana di widang tatanen nyawah. Saperti tandur-ngaberak-ngoyos-babad galeng- mipit- dibuat- ngalantay nepi ka ngaleuit. Sedengkeun umpama ngahuma posis awewe mucunghul deui kacida pentingna saperti nyacar-ngaduruk-ngerukan-ngored- ngaberak- ngarambas jeung nyami. Datang panen tiba kahasil aya kabiasaan nu disebut nganyaran nyata paling awal nyobaan hasil panen, di dieu awewe anu boga posisi kuat kuat tur boga hak pikeun migawe nganyaran tea. Eces jentre atra pertela awewe teh sakitu mulyana jeroning marengan hirup lalaki. Ti ayeuna meuerun geus waktuna urang bareng gawe rancage, saling haragaan jeung saling pihormat antara awewe tur lalaki. Sangkan hirup aya dina karahayuan teu rek pahili-hili cai pagirang-girang tampian.

0 comments: